10:27 AM
Ilustrasi

Portal Cikancah - Bagi anda yang memang dilahirkan di tanah pasundan atau Jawa Barat pada umumnya mungkin sudah agak asing atau sedikit kesulitan kalau diminta membuat sebuah sajak tetapi berbahasa Sunda.

Berikut ini adalah contoh Sajak Sunda Oleh : Odji Setiadji AR

LAGU PUJA LEMAH CAI

lemah cai dewi nu numpi na ati
rumbayankeun katingtrim kana dada
pamayang nu mulang tengah janari
guyurkeun subur ka unggal hate
patani nu mulang na layung sore

lemah cai dewi nu ngahaja ati
ranggeumkeun unggal rema timpuh
ka gunung-gunung subur kulawu
pereketkeun rekep keukeup ka
sawah sampalan huma emplok hejo

lemah cai mataholang sagala
unggal pajar anyar ngalahirkeun
jabang pahlawan
unggal poe weuteuh nitiskeun
sirung suhada bangsa perkasa

wahangan meulit
meulitkeun asih jati dina ati
ombak peuray meupeus'muyarkeun akar sewu angkeuhan

lema cai panutan masket na hate
disinglar
dipaliaskeun
rek surud kanyaan kaheman

getih nu nyakclak tumbal meredih bela
rek ditagih
rek dibalitungkeun
pasini jangji lalaki

0 Comments:

Post a Comment